Kamis, 29 Maret 2012

WANCI (WAKTU) DINA BASA SUNDA

WANCI (WAKTU) DINA BASA SUNDA
Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
Wanci balébat => waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu
Wanci tunggang gunung => panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00

BEWARA


Ka palawargi sadaya anu peryogi salah sawios produk ti abah karta
1. RPP + Silabus + Prota + Promes + KKM anu terbaru atanapi nu berkarakter bangsa atanapi nu atos aya (EEK) kanggo SD, SMP, SMA, SMK (Boh CD atanapi nu tos janten)
2. ka anu peryogi tenagi pamandu dina mayunan Akriditasi sakola khusus Sakola Dasar (tapi teu nutup kamungkinan kanggo SMP, SMA, SMK)
3. Penelitian Tindakan Kelas (PTK) / Penelitian Tindakan Sekolah (PTS)
hubungi wae 087720499197 via sms wae

NASKAH BIANTARA BASA SUNDA


Assalamu’alaikum Wr Wb

Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, ibu miwah bapa guru anu rawuh di ieu tempat, kersaning Gusti nu maha suci urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara, mugi ieu acara teh lungsur langsar kalayan kahontal anu dipimaksad nyaeta ngalahirkeun murangkalih calon calon anu bakal jadi conto dina nanjeurkeun budaya sunda ngaliwatan pasanggiri biantara nya mugi-mugi simkuring tiasa janten conto, amin ya robbal alamin.