Kamis, 29 Maret 2012

NASKAH BIANTARA BASA SUNDA


Assalamu’alaikum Wr Wb

Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, ibu miwah bapa guru anu rawuh di ieu tempat, kersaning Gusti nu maha suci urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara, mugi ieu acara teh lungsur langsar kalayan kahontal anu dipimaksad nyaeta ngalahirkeun murangkalih calon calon anu bakal jadi conto dina nanjeurkeun budaya sunda ngaliwatan pasanggiri biantara nya mugi-mugi simkuring tiasa janten conto, amin ya robbal alamin.

Para wargi sadaya, ngadegna simkuring dipayuneun ibu miwah bapa, teu aya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang, simkuring rumaos taya kabisa etang–etang lauk buruk milu mijah boa catur ge tanpa bukur ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar tema ieu biantara nyaeta “Tarekah Ngawanohkeun Seni Budaya Sunda Ka Barudak Sakola”.
Girang pangajen anu ku simkuring dipihormat, sateuacan ngabeberkeun tema tadi, nepangkeun
Wasta simkuring  Nisrina Irawanto
Taun ieu parantos kelas 5

Para wargi sadaya anu dimulyakeun ku Alloh, basa sunda teh basa pituin urang sunda, taya sanes urang sunda kedah mibanda rasa katineung kana budayana ulah nepika jati ka silih ku junti, mupusti budaya deungeun bari teu malire budaya urang sorangan.
Sanes hartosna urang sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh, dibarengan ku ngaraksa jeung ngariksa budaya sorangan.
Rek kusaha deui budaya sunda dimumule lamun lain ku urang sorangan? Basa sunda teh basa indung, hartosna urang sunda ti mimiti brol ka alam dunya kudu dibiasakeun make basa sunda. Kumaha atuh ayeuna mah ka indung jeung ka bapa geus langka we anu nyebut ambu jeung abah, ayeuna mah papih, mamih malah mah  aya anu nyebut ded! Pan eta mah budaya deungeun! Kuring oge teu nyebut ambu jeung abah.
Sigana, bakal leuwih nyerep lamun ka barudak ayeuna dibiasakeun ngawanohkeun basa, jeung seni budaya sunda ti bubudak. Contona dina basa, simkuring hese rek nyarita make basa sunda teh, padahal boro-boro nyarita maca oge hese. Tah ti ayeuna saeutik-saeutik rek dimimitian nyarita ku basa sunda anu bener, sugan we bisa, aya untungna keur sim kuring dipilih jadi pamilon biantara teh. Da hese geuning komo bari teu diajar mah, conto nu ka dua barudak ayeuna leuwih resep kana seni budaya deungeun tibatan kana seni budaya sorangan diantarana apal keneh kana lagu-lagu barat tibatan kana pupuh.
Tumali jeung tepung taun basa indung sadunya, kaping 21 Pebruari 2012 mangka urang salaku urang sunda ngagunakeun eta kasempetean jadi salah sahiji cara pangeling-ngeling yen seni budaya sunda kudu diguar deui sangkan barudak ngora nu baris jadi pamingpin dina waktu nu bakal datang ngabogaan karakter budaya sunda supaya boga pamadegan anu kuat dina ngamajukeun bangsa, nagara katut agama.
Urang teraskeun;
Hadirin hormateun simkuring,
Salajengna, sajabi ti eta urang teh kudu mikacinta basa sunda katut seni budaya sundana, salah sahiji cara anu dasar, pikeun bisa mikacinta kana basa jeung seni budaya sunda teh nyaeta ku ngagunakeun basa sunda dina hirup kumbuh sapopoe. Sabab aya paribasa, basa teh nunjukkeun bangsa. Lamun geus bisa ngagunakeun basa sunda dina hirup kumbuh sapopoe eta jalma geus pasti mika cinta kana seni budaya sunda.
Kumaha sangkan barudak ayeuna mikacinta basa sunda? Anu utama na mah ulah isin, era atanapi gengsi ngagunakeun basa sunda dimana wae boh di lingkungan kulawarga, di jalan atawa di tempat rekreasi, jeung sajabana salila urang papada ngarti kana basa sunda. Ulah eleh ku nagara deungeun. Aya dongeng ti ibu guru yeuh saeutik. Urang Indonesia tegesna urang sunda arulin pokona mah ka Belanda, manehna dariuk di hiji taman, sabot kitu liwat urang Belanda hareupeun manehna, ceuk urang sunda teh, “Aya bule liwat euy!” urang Belanda teu nembalan, gek manehna diuk bari barang dahar, teu lila liwat deui ka hareupeun urang sunda tea bari pok ngomong “Punten urang bule bade ngiring ngalangkung!” atuh urang sunda teh reuwas bari colohok, bari nyarita na jero hatena “Naha bisa basa sunda?”.
Tah eta salah sahiji conto maenya basa sunda teh ku batur diulik ari ku urang rek ditinggalkeun. Kukituna, simkuring umajak ka dulur-dulur sadayana hayu urang ngaraksa jeung ngariksa budaya urang nyaeta budaya sunda ku ngalakonannana dina hirup kumbuh urang dina sapopoe supaya budaya sunda teu kalindih ku budaya deungeun.
Rupina dicekapkeun sakieu bae, hatur nuhun kana perhatosan ibu miwah bapa, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Wabillahi’taufiq Walhidayah Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

3 komentar:

PGRI Cabang Cianjur mengatakan...

HADE UY..... COBA TINGALIAN OGE NU UING DI http://www.pgricabangcianjur.blogspot.com

PGRI Cabang Cianjur mengatakan...

horeeeeeeeeeeeeeeeeeee...........

ABAH KARTA mengatakan...

Hatur nuhun tos kersa mampir di blog abah...salam ti Abah Karta...