Jumat, 14 Desember 2012

DONGENG


BAGJA NU JADI KOLOT

Heueuh ari geus rerempo mah kieu..leumpang ge teu kebat kawas baheula keur ngora, awak cuet kahareup….takrah-tokroh mangsa ngamimitian leumpang di sisi jalan gede…buuk geus cetuk huis…cirining umur geus tunggang gunung…sapaparat jalan nikreuh bari rarat-reret nenjo jungkiring toko-toko jeung nu daragang sisi jalan…teu suda jalan gede pinuh kurapa rupa kandaraan kayaning mobil jeng motor sing selebrut …maju muru tujuan sewang sewangan….
Sakapeung kuring ngarandeg…narik napas nu renghap ranjug…heueuh teu kawas baheula keur ngora..leumpang jauh ge taya kacape….gap kana kamera photo nu geus lawas marengan mun kuring ngalalana…tara elat dina tas atawa di kongkoyangkeun dina beuheung saperti ayeuna…
Sanggeus dirasa ambekan rada daria, kuring nuluykeun lumaku…mapay sisi jalan badag nu rapih tur resik di tata ku pamarentah bagean tata kota.
Anjog ka peuntaseun hiji wangunan kantor anu julug jangkung…reug kuring eureun bari ngatur ambekan nu renghap ranjug…kamera dicabak tuluy diangkat dideukeutkeun kana mata, liang lensa di antelkeun kana mata Beulah katuhu…tina sela sela lensa kamera, kuring bisa nenjo wangunan peuntaseun jalan…nu julug jangkung ngajungkiring tanding langit di tengah wangunan kaciri tulisan aksara meni badag “CV DOA SEPUH”, jeklek.! Kuring nyerek gambar wangunan kantor…teu kungsi lila aya mobil sedan pulas bulao laju mengkol ka eta wangunan kantor…reg eureun…jrut supirna turun…koreleng ka hareupeun mobil tuluy si supir ngoreleng ka kencaeun mobil… muka panto…jrut..nu dina jero mobil turun…katenjo..jajaka gandang make setelan jas hideung di papas kameja bodas lengkep jeung dasina….song ngasongkeun tas nu langsung di tarima ku si supir…
Jeklek…kuring mencet tombol kamera jang nyerek gambar eta jajaka….cag kamera di ecagkeun ngagantung dina dada…gelenyu kuring imut…tuluy ngarenghap rada panjang…
Sanggeus dirasa cukup nitenan sakuriling wawangunan kuring neruskeun lumaku…mapay-mapay sisi jalan…nu beuki rame kawantu maju ka beurang.
Lebah parapatan laju ngenca… kusiwel kuring ngaluarkeun udud tina saku calana...tuluy di sundut…haseupna meni nyerebung maturan lenghoyna leumpang mapay-mapay sisi jalan.
Satengahna udud beak kaduruk lalampahan anjog peuntaseun hiji wanguna Rumah Makan nu kawilang gede…katenjo semah-semahna kaluar asup piligenti…aya nu saukur istirahat bari nginum kopi, aya wae anu mumuluk meureun kaciri sibuk sewang-sewangan.
Dina paciweuhna semah jeung pelayan eta rumah makan kaciri aya nu cakah cikih ngatur para pelayan jeung pagawe…tangtungan lalaki ngora keneh…kaciri parigel dina ngokolakeun eta rumah makan…
Kuring imut….kelepus udud nu tinggal satengah di seuseup rada jero….kuntungna di alungkeun tuluy di tincak…serebung haseupna rada kandel mulek kaluar tina irung…gap kana kamera…diangrogkeun kana mata Beulah kenca…kokangna di tarik kana on..jeklek..wawangunan di cerek gambarna…lensa di atur…jeklek si lalaki nu keur paciweuh ngatur laku di cerek gambarna…jeklek kokangna dibalikeun kana off..sok di tunda sina ngagawing sa asalna dina dada
Kuring tanggah nenjo langit…panon poe geus ampir dina luhureun sirah…gelenyu kuring imut..ngajak seuri ka langit..ka mega..ka panon poe..nu marengan lalampahan poe eta…
Laju neruskeun lalampahan rek muru masjid gede dipuseur kota nu teu jauh ti dinya…
Basa sora adzan eces ka denge, kuring geus ngalenghoy hareupeun masjid….
Teu kungsi lila aya sedan warna bulao nu tadi isuk kungsi ka tempo… eureun di palataran parkir hareupeun masjid, supirna turun, geuwat muka panto tukang beulah katuhu….Jrut  lalaki ngora turun tina mobil…eces eta lalaki nu tadi hareupeun wawangunan julug jangkung tea, supir geuwat muka panto tukang beulah kenca…jrut…aya lalaki deui turun tina mobil…di sidik-sidik sing horeng lalaki nu tadi cakah cikih di rumah makan tea…
Bareng duanana ngareret ka kuring…gelenyu imut…kuring imut…
Gap kana kamera…tuluy di antelkeun kana mata…tina sela-sela lensa kuring nempo duanana rek kebat ngadeukeutan kuring….jeklek  gambarna di cerek.
Duanana anjog hareupeun kuring….
Song ngarasongkeun leungeung ngajak sasalaman…
Kukuring di tampa…sakali sewang…sun tangan ka kuring…
“Apa !” Ceuk duanana meh bareng…
“Syukur…sanajan sakumaha sibuk..hidep masih bisa berjamaah jeung Apa, di ieu masjid…nam, urang shalat heula” ceuk kuring bari ngaleng dua jajaka…nu taya lian anak teges.
Bagja kuring nu jadi kolot…nenjo anak teu poho kana kawajiban …sok sanajan sakumaha sibuk gawe….tapi masih bisa berjamaah di masjid bareng jeung kuring nu jadi kolotna.

Tidak ada komentar: